Rabu, 02 Januari 2019

Mapag taun anyar

= Mapag Taun Anyar =

Umur disiksik ku dami..
Diciwit ku menit..
Dicacag ku jam..
Dipurutulan ku bulan..
Dibubuy ku taun..
Yuswa direcah ku mangsa...

Muterna waktu ti wuku ka wuku,
mapay-mapay bulan naékan taun.

Teu karasa loba dosa nu dipilampah..
Loba ibadah nu can merenah..
Loba panyaram Pangéran nu karandapan..
Loba wakktu nu kapiceun
Loba paripolah nu matak mapalérkeun..
Loba pikiran nu matak mopohokeun.

Ti mana nya urang kawit jeung ka mana nya urang rék balik.
Umur syaréatna nambahan tapi hakékat ngurangan..
Beuki ka dieu urang téh beuki deukeut jeung lawang panto kuburan.
Prak tatan-tatan diri ku iman jeung taqwa..
Prak tatahar bekelna ku amal sholéh..
Perenahkeun haté nu bersih ku loba istigfar..
Tobat ka Allah nu geus maparin nikmat,
sangkan salamet dunya akhérat.

*Wilujeng mapag tahun anyar..*
Padukuhan Pakujajar 2 Januari 2019
Ki H Dr. DHARMASETIAWAN NATAPRADJA.
Rahyang Kandaga Sunda